2 Babad 13
Abia mimiti jadi raja nagara Yuda dina taun kadalapan welas Raja Yarobam ngarajaan Israil.
Ngarajaanana tilu taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Mikaya binti Uriel asal ti kota Gibea. Antara Abia jeung Yarobam pecah perang.
Balad Abia 400.000 prajurit ku Yarobam diayonan ku 800.000 prajurit.
Eta dua pasukan balad amprok di pagunungan Epraim. Raja Abia unggah ka Gunung Semaraim, cumeluk ka Yarobam jeung ka urang Israil. Cumelukna, "Dengekeun ieu kami!
Na teu nyaraho PANGERAN Allah Israil ngadamel perjangjian ka Daud, anu ungelna karajaan Israil salawasna bakal dirajaan ku anjeunna turun-tumurun?
Yarobam bin Nebat barontak ka Suleman, rajana,
heug ngumpulkeun jalma-jalma bangkawarah, ngadedetkeun pakarepanana ka Rehabam putra Suleman. Harita Rehabam teu bisa naon-naon, kawantu ngora keneh pisan jeung can aya pangalaman.
Ayeuna maraneh aya karep ngalawan kawibawaan karajaan anu ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka Daud turun-tumurun. Balad maraneh kacida lobana, baroga sasapian emas, allah maraneh beunang nyieun Yarobam.
Imam-imam PANGERAN turunan Harun ku maraneh diusir kabeh, kitu deui urang Lewi, diganti ku imam-imam anu samodel jeung imam-imam bangsa sejen. Sambarang jalma, asal mawa sapi hiji atawa domba tujuh siki bisa diangkat jadi imam, anu dikawulakeun ka anu ku maraneh disebut jeung diaku allah.
Mungguh kami mah sarerea tetep sumeja kumawula ka PANGERAN, Allah kami, moal nepi ka ninggalkeun. Para imam turunan Harun tetep-tetep nedunan papancen, dibantu ku urang Lewi.
Unggal-unggal poe, isuk-isuk jeung pasosore teu kendat ka Mantenna ngahaturanan seuseungitan jeung sato peuncitan anu dibeuleum weuteuh. Maranehna tetep ngambengkeun roti dina meja suci, unggal magrib nyeungeutan lampu dina ajug emas. Naon bae timbalan PANGERAN ku kami dilampahkeun, sabalikna maraneh mah nyingkir ti Mantenna.
Pamingpin kami Allah ku manten, sarta imam-imam Mantenna araya di dieu, kari nariup tarompet ngahucuhkeun kami maju jurit ngagempur maraneh. Eh urang Israil, pacuan ngalawan ka PANGERAN Allah karuhun maraneh! Pamohalan bisa meunang!"
Sabot kitu Yarobam nginditkeun sawatara pasukan sina ngabongohan balad Yuda ti tukang, pasukan-pasukan sejenna sina ngambreg ti hareup.
Barang balad Yuda ngimpleng ka sakuriling, geuning geus katingker. Seug sasambat neda tulung ka PANGERAN. Para imam nariup tarompet.
Ger balad Yuda ngagero tuluy narajang musuh dijejeran ku Abia. Yarobam jeung sabalad Israil dielehkeun ku Allah.
Balad Israil kabur ti balad Yuda, ku Allah diserenkeun ka balad Yuda.
Balad Israil lebur diamuk ku Abia sabaladna. Aya 500.000 urang serdadu Israil anu panggagahna beak kasambut.
Urang Yuda bisa ngelehkeun urang Israil, eta lantaran maranehna ngandel ka PANGERAN, Allah karuhunna.
Balad Yarobam ku Abia hantem diberik. Kota-kotana aya anu bisa diandih ku Abia, nya eta Betel, Yesana jeung Epron, katut desa-desa anu dareukeutna.
Sapanjang Abia jadi raja, Yarobam teu bisa mulihkeun deui kakawasaanana, sarta ahirna anjeunna tiwas digebug ku PANGERAN.
Sabalikna Abia kakawasaanana beuki mekar. Garwa Abia opat welas, putrana dua puluh dua pameget, genep welas istri.
Carita Abia salian ti eta, kasauranana jeung lampahna kaungel dina Kitab Carita Nabi Ido.